Aya anu kaemutan, kumaha supados aya sumbangan alumni 84 ka SMAN kawali khususnya, warga Kawali umumna. Henteu sagampil sapertos dina emutan upami bade diwujudkan, da tarerang geuning, masing-masing gaduh kagiatan anu henteu sami sareng jarak anu henteu caket.
Upami dicarioskeun mah abdi bingung ngagali potensi kota Kawali teh naon nya... Jujur wae nya Kawali teh kota anu henteu berkembang, da eta panginten posisina sanes pertemuan kagiatan-kagiatan kota anu saleresna, mung saukur perlintasan kendaraan antar kota, jarang anu'transit', anu nyopir teh tara we ngeureunkeun kendaraan di caket alun-alun Kawali.
Saur sajarah mah cenah nami Kawali teh asalna tina 'Kuwali' anu bentukna cekung diantara pagunungan. Tah Astana Kawali teh benten hartosna sareng istana, da dina bacaan mah cenah mung saukur 'patilasan' kaluarga Prabu Siliwangi. Janten karajaana mah sanes di Kawali. Upami kitu mah nya sapanjang sajarah Kawali teh mung saukur 'perlintasan'. Kaitana sareng sumbangan angkatan 84, asa sesah nya, kacuali rerencangan anu damel di Dinas Tata Kota atanapi di PU Ciamis gaduh emutan kanggo ngembangkeun Kawali. Upami tos aya lolongkrangna mah hayu lah siap ngabantos....
Emutan anu kadua kaitana sareng pengembangan SMAN Kawali, dimana kapungkur arurang teh diageungkeun. Saur abdi mah kumaha upami ngadamel 'Gardu Wartos" ? Nami "Gardu Wartos" anu ku abdi dimaksad teh sami sareng 'Pusat Informasi'. Kagiatan anu sederhana heula panginten nya :
1. Ngumpulkeun buku kanggo perpustakaan, arurang panginten tiasa nyumbang lah 5-10 buku wae dietang parantos 150 - 300 buku.Tah upami tos aya ruang kanggo perpustakaan mah panginten sumbangan buku anu diharepkeun, nambihan teras satiap waktos. Jenis dokumena henteu kedah buku wae, tiasa film dokumenter, majalah atanapi koran kuno, peta-peta, liflet-liflet tentang :perguruan tinggi, beasiswa, pariwisata sekitar Kawali,...
2. Langkah kadua ngayakeun perangkat komputer (teu kedah seueur2 mung hiji cekap panginten), sumbangan deui wae nya, meungpeun dollar nuju turun.
3. Langkah katilu pasang jaringan internet wifi, maksadna anu dongkap ka persputakaan teh tiasa akses wifi upami nyarandak komputer nyalira.
4. Ngayakeun layanan kantin sederhana, janten anu maos teh henteu kalaparan
5. Nyusun program kagiatan-kagiatan temporer (sawaktos-waktos)anu menarik. Tah ieu tiasa kerjasama sareng sponsor : telpon seluler, provider, kendaraan, kosmetik,pemda atanapi instansi anu sanes...
6.ngayakeun pameran, penyuluhan, pentas seni murid sma kawali..
seueur keneh panginten nya upami dikembangkeun mah, asal eta we....satujuan.
Kahoyong mah kawali rada hirup nya...
Punten nya ieu mah mung saukur nyerat, babaledogan, landong ngalamun...bilih we teu tiasa dongkap ka reuni di Panjalu.
-popi-
Sabtu, 17 April 2010
Sabtu, 03 April 2010
ngiring aub
nepangkeun abdi asep ti pagerageung,
hoyong gabung sareng rerencangan nu sanesna.
pamugi silaturahmi melalui dunia maya langkung erat papada alumni smank, mudah mudahan anu teu acan gabung saenggalna tiasa ngiring aub.hatur nuhun
hoyong gabung sareng rerencangan nu sanesna.
pamugi silaturahmi melalui dunia maya langkung erat papada alumni smank, mudah mudahan anu teu acan gabung saenggalna tiasa ngiring aub.hatur nuhun
Langganan:
Komentar (Atom)