Deja vu Alumni SMAN Kawali taun 1984

Blog kanggo tepang alumni SMAN Kawali taun 1984, umumna kanggo sadaya alumni.

Sabtu, 05 Juni 2010

Tepang, Ngobrol, Maen Kartu...Ngaramal 29 Mei 2010

Kedah dibewarakeun nya, hasil tetepangan kaping 29 Mei 2010 dinten Sabtu, jam 10.00 di bumi Haris Harsin Panjalu. Anu dongkap alhamdulillah aya rerencangan anu anyar tapi heubeul nyaeta : Engkos, Dede Bukit Salem, Muslim Akbar, Beni Panjalu...gararendut geuning, muhun nya malakmur rerencangan teh ahamdulillah...
Rerencangan nu sanesna mah anu tos biasa sarumping tah geuning : Boss Cucu, Haji Wawan, Neng Eros, Neng Iis, Neng Tati (mung opatan istrina mah sareng abdi), Rusli, Nurjaman, Dede Herdi, Dede Yulius, Ayep, Komar, Haris. Punten upami aya anu kalangkung.

Acarana taruang heula "Sangu Bakar", gurame, sambel, lalap sareng nu sanesna nu dipasak ku Neng Iis, Neng Tati sareng Neng Eros (nu nyiapkeun jiga na mah). Sateuacana ngarobrol anu rada penting, aya acara maen kartu...ngaramal tah ku kang Ayep, mani saregep terutami rerencangan istri.
Acara resmi teh dibuka jam 13.00, diskusi parihal pembentukan lembaga/ikatan alumni, ngoreksi konsep AD ART sareng nyusun konsep visi, misi, program kegiatan sareng netapkeun tanggal pelaksanaan sosialisasi di SMAN Kawali.

Upami henteu lepat nya, eusi program kagiatan nyaeta :
1. Sosisalisasi sareng ngabantos informasi edukatif ka siswa kelas 3 SMAN Kawali
2. Ngumpulkeun buku bahan kanggo ngadamel perputakaan
3. Ngabentuk lembaga/ikatan alumni angk.84
4. Ngadamel 'Gardu Wartos', termasuk perpustakaan
5. Sunatan Masal
6. Konsultasi karokhanian sareng pelayanan konsultasi profesi
7. Ngabentuk Koperasi kanggo kaejahteraan anggota
Ditargetkeun kagiatan no 1 sareng 2 dilaksanakeun akhir taun ieu.
Program kagiatan anu disebatkeun tiasa dikembangkeun...mangga geura diantos urun pendapatna.
Salajengna anu kedah diemutan nyaeta : ngadamel posko di Kawali sareng ngarancang logo dejavu...
Sok tah diantos nya anu kararasep...garareulis, bilih bade ngiring lomba ngadamel logo dejavu ...

=salam-popi=