Deja vu Alumni SMAN Kawali taun 1984

Blog kanggo tepang alumni SMAN Kawali taun 1984, umumna kanggo sadaya alumni.

Rabu, 27 Oktober 2010

Welasna nu Maha Asih

Baraya anu marulya, aya selenting bawaning angin, bewara bawaning jagat, rehna dejavu pupuhu galuh Alumni 1984, kalayan restu tipara sepuh , oge widi ti kadang wargi , ayeuna rek mimiti mangkak, pikeun ligar nyambuang sapataman. Kukituna hayu urang wilujengkeun, mangga urang bageakeun, ku cara manjangkeun baraya, mageuhkeun ka deudeuh ku tali silarurahmi. Oge rupa-rupa kaparigelan anu manfaat maslahat, boh keur dejavu oge masyarakat sabudeureun nana, khususna sakola SMAN 1 Kawali.
Angin nu ngagalurakeun rasa nu asih ti para alumni, ayeuna ngamalir jadi bukti, kalayan rasa katresna nu mangkak tetela henteu sulaya, diwuwuh ku pangjurung qolbu nu tuhu, dijajap ku rasa nyaah nu nyata, hanyu urang tanjeurkeun rasa bajuang alumni 84, dina wadah dejavu.
Tetela welasna Pangeran nu Maha Kawasa, asihna Gusti nu Maha Suci,kiwari geus ngancik dina diri, hayu urang beungkeut pageuh pikeun bekel mikawelas sareng mikaasih ka sasama.
Hatur nuhun Gusti......., mugi gusti maparin ka sinugrahan ka abdi-abdi sadaya. Amiin.
( Asep Rahmat )

Tidak ada komentar:

Posting Komentar