Deja vu Alumni SMAN Kawali taun 1984

Blog kanggo tepang alumni SMAN Kawali taun 1984, umumna kanggo sadaya alumni.

Kamis, 31 Desember 2009

Kanggo rerencangan anu bade urun nyerat dina Blog

Kahoyongna mah Blog Dejavu teh tiasa diakses (dilebetan) ku sadaya rerencangan. Rerencangan tiasa nyerat naon wae anu positif, sapertos : pangalaman, masihan informasi lowongan padamelan, nyarioskeun sejarah SMAN Kawali/sejarah kawali, laporan tabungan alumni, laporan kagiatan, atanapi anu sanesna. Kanggo tiasa nyerat, ieu abdi masihan piunjuk:
1. di - klik ' Sign in' anu aya di juru luhur sabeulah katuhu
2. serat alamat email ; dejavusmank@yahoo.com, password-na : kuningan09, teras di -klik 'masuk'
3. dipilih kotak 'Entri Baru'
4. Tah dina jandela 'Entri Baru' nembe serat 'judul' cariosna naon, teras serat anu bade dicarioskeun dina kotak anu ageung di handapna
5. Upami parantos nyerat, di-klik 'Terbitkan Entri'
6. Upami hoyong ningali hasilna, mangga di-klik kotak 'Lihat Blog'
Kanggo rerencangan di Kawali, upami tiasa mah mangga atuh disaurkeun ka pihak SMAN Kawali supados tiasa akses ka Blog ieu, rame geura....ibu sareng bapak guru oge tiasa nyerat atanapi ngalebetkeun foto.
Mudah-mudah pinjuk ieu aya manfaatna.

hatur nuhun nya..salam
-popi-

Tidak ada komentar:

Posting Komentar