Parantos dilaksanakeun reuni alumni SMAN Kawali taun 1984 di Kuningan kaping 18 Desember 2009. Namung anu sarumping, aya oge alumni taun anu sanes terutami anu bumina di daerah Kuningan. Kaleresan aya oge ibu sareng bapak guru anu keresa sumping nyaeta : Bpk. Ahyo sareng Ibu dedeh, Bpk. Wiwahadi sareng Ibu Titin. Alumni taun 1984 anu sumping nyaeta : Cucu Supangkat, Wawan Setiawan, Engkus, Aaw Setia Gunawan, Yoyon Sutresna, Yoyo, Haris (Uhi), Nurjaman, Komar, Dede Yulius, Dede Herdi, Nurdin Hayat, Agus Budiman, Rusli, Ayep, Lilis Ratnaningsih, Lili Wahyudin, Dede Suparman, Asep Saepudin, Aan Hasanudin, Aa Hendarsin, Hikmat Talkanda, Popi Puspitasari, Eros, Iis Supriati, Tati Sumiati, Aya oge rerencangan anu sa SMP kapungkurna nyaeta : Nina Risnasari, Yuyum, Asep Arasid, sareng sanesna.
Saleresna anu gaduh damel acara tepang alumni teh nyaeta Wawan Setiawan, Cucu Supangkat , Haris, Nurjaman sareng Eros. Tepang alumni parantos dirancang sataun kapengker, namung tiasa kalaksanakeun anu leres-leres tepang alumni teh kaping 18 desember 2009.
Tepang alumni dilaksanakeun sederhana, namung heunteu ngirangan kabingahan, silih carios ngemut kapungkur waktos SMA, henteu kakantun oge cariosan Bpk. Ahyo. Ditegeskeun oge, acara tepang alumni teh henteu saukur garogonjakan, namung langkung ka program-program anu tiasa dimanfaatkan ku sadayana sapertos : ngabuka tabungan alumni anu direncanakeun kanggo kaperyogian saling tulung, saupamina aya rerencangan anu udur atanapi anu lalayu. Sakantenan dina acara tetepangan, didamel oge panitia pengurus alumni taun 1984 nyaeta :
Sesepuh koordinator : Nurjaman
Bendahara : Eros
Sekertaris : Rusli
Cucu Supangkat, Wawan Setiawan sareng Haris meureun sapantesna ku abdi disebat 'Inisiator' (tah eta naon nya basa sundana teh...??? punten nya upami hilap..)
- popi -
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar